About

Pages

Indostar Tv

Tuesday 1 January 2013

PANTUN SUNDA SANTRI

Meuli pecin meuli bawang
Reujeung peuteuy tilu papan
Idih isin atuh akang
Kasep-kasep tara netepan

Aduh alim ningali gajah
Upami teu sareng ibu
Abdi alim waka nikah
Upami teu acan gaduh ilmu

Imah leutik imah bilik
Ayana di desa-desa
Hayang balik hayang balik
Ngaji jurmiah teu bisa-bisa

Kamis-kamis jum'at sabtu
Hujan-hujan lalayangan
Geulis-geulis geuning kitu
Unggal bujang dilayanan

Ka cinangsi tumpak taksi
Balikna nyaleuri tuur
Ulah gengsi jadi santri
Nepika era ku batur

Jalan-jalan ka cileunyi
Sendal butut hayang di patri
Nyai ulah jadi penyanyi
Lebih baik jadi neng santri

Pak amat miara kuya
Beuki lila beuki loba
Omat ulah ngagulung dunia
Di akherat bisi cilaka

Kapungkur roti di bandung
Ayeuna di ranca ekek
Kapungkur di rok di tiung
Ayeuna katembong kelek



0 comments: