About

Pages

Indostar Tv

Tuesday 1 January 2013

Pantun Sunda Istri Bejad Iman

Seueur di jaman kiwari
Istri nu ngajual diri
Modalna anu utami
Nyaeta dagang sorabi

Kahormatan di mumurah
Geus euweuh pisan kanyaah
ngobral cinta enggeus murah
Lumayan keur meli uyah

Awewe jaman kiwari
Teu seubeuh lalaki hiji
Sanajan enggeus nini-nini
Ku bujang hayang ka puji

Awewe kudu gumati
Sing bisa ngajaga diri
Ulah pedah payu diri
Susu dituker kowaci

Ayeuna geus jaman edan
Di kota di pakampungan
Awewe cari muatan
Kangge meuli perhiasan

Pakai pakaian akurat
Niru-niru urang barat
Pake rok mini di pantat
Akhirna serba terlihat

Samping ge nya kitu deui
Geus diganti ku rok mini
Mun diuk katembong parji
Anu bangkitkeun birahi

Salawe dua puluh lima
Es cendol di kalapaan
Awewe jaman ayeuna
Ngajendol euweuh bapaan

Mimitina melak leunca
Sisi gawir taneh beureum
Mimitina akang cinta
Nyium biwir bari peureum

Melak jaer dina kesik
Dituruban daun kalapa
Ulah bangor ti leuleutik
Ngarepotkeun ka indung bapa

Salawe dua puluh lima
Titik-titik totol-totol
Awewe jaman ayeuna
Leutik-leutik beuki kokol

0 comments: