Kembang eros sisi pager
Dipetik ku anak china
Abdi naros teu diwaler
Nyeurina ka bina-bina
Kapinis di adu layung
Macokan kembang kalapa
Nu geulis tara di tiung
Di asupkeun ka naraka
Terong peot saboboko
Lumayan coel-coeleun
Mojang peot nontot leho
Lumayan toel-toeleun
Salawe dua puluh lima
Mesin mobil cetna hejo
Awewe jaman ayeuna
Bisa dangdan teu bisa ngejo
Sugan teh ucing sahiji
Sihoreng ekek jeung lalay
Sugan teh ngantuk keur ngaji
Sihoreng ngerek jeung ngeulay
Botol limun siga senter
Dieusi cai walungan
Lamun santri anu pinter
Sok jadi minantu ajeungan
Tunggu pare dina saung
Boga cau parab ciung
Ku naon hate teh bingung
Kabandang kunu di tiung
Eta hujan-hujan gerimis
Gula beureum gula manis
Eta saha nu make gamis
Geuning rupa kitu manis
Di kameja di astana
Buntiris dauna kandel
Ngalaga jaman ayeuna
Nu geulis teu bisa nyambel
Ngali liang ngali liang
Ngalana menang lima
Ngawiwirang ngawiwirang
Cintana teu di tarima
Agustus salapan dua
Bebeakan nepi ka peuting
Mun teu tulus matak era
Di longokan unggal peuting
Aya bancet dina batu
Anak simeut eker moyan
Lain pelet nu teu mampu
Tapi beungeut teu ngidinan
Kuring hayang peuti besi
Anu juruna di patri
Kuring hayang ka nyi santri
Anu parantos ngalarti
Timah beunang di ragaji
Dipotongan sagede pare
Ti imah indit rek ngaji
Ka kobong ngan ukur sare
Dipetik ku anak china
Abdi naros teu diwaler
Nyeurina ka bina-bina
Kapinis di adu layung
Macokan kembang kalapa
Nu geulis tara di tiung
Di asupkeun ka naraka
Terong peot saboboko
Lumayan coel-coeleun
Mojang peot nontot leho
Lumayan toel-toeleun
Salawe dua puluh lima
Mesin mobil cetna hejo
Awewe jaman ayeuna
Bisa dangdan teu bisa ngejo
Sugan teh ucing sahiji
Sihoreng ekek jeung lalay
Sugan teh ngantuk keur ngaji
Sihoreng ngerek jeung ngeulay
Botol limun siga senter
Dieusi cai walungan
Lamun santri anu pinter
Sok jadi minantu ajeungan
Tunggu pare dina saung
Boga cau parab ciung
Ku naon hate teh bingung
Kabandang kunu di tiung
Eta hujan-hujan gerimis
Gula beureum gula manis
Eta saha nu make gamis
Geuning rupa kitu manis
Di kameja di astana
Buntiris dauna kandel
Ngalaga jaman ayeuna
Nu geulis teu bisa nyambel
Ngali liang ngali liang
Ngalana menang lima
Ngawiwirang ngawiwirang
Cintana teu di tarima
Agustus salapan dua
Bebeakan nepi ka peuting
Mun teu tulus matak era
Di longokan unggal peuting
Aya bancet dina batu
Anak simeut eker moyan
Lain pelet nu teu mampu
Tapi beungeut teu ngidinan
Kuring hayang peuti besi
Anu juruna di patri
Kuring hayang ka nyi santri
Anu parantos ngalarti
Timah beunang di ragaji
Dipotongan sagede pare
Ti imah indit rek ngaji
Ka kobong ngan ukur sare
0 comments:
Post a Comment