Saderek-saderek sadayana nu sabangsa jeung sanagara.
Assalamu’alaikum Wr. Wb.
Kalayan rahmat ti Allah SWT, urang sadaya dina
dinten ieu tiasa sami-sami kempel dina hiji tempat anu mulya kalayan maksud
jeung tujuana nyaeta mieling hiji kajadian anu ngandung sajarah pikeun bangsa
Indonesia, nu kuurang sadaya dikenal Hari Kebangkitan Nasional.
Urang sadaya tangtos uninga, naon sababna pangna
disebut Kebangkitan? Sabab dina waktu harita bangsa Indonesia kakara hudang
dina kasadarana pikeun berpolitik, hartina kakara berjuang nurutkeun jalur
politik. Dimana perjuangan-perjuangan samemehna mah ditempuh ku perlawanan
senjata. Jeung perjuangan dina waktu eta sifatna kadaerahan, sapertos nu
dilakukeun ku para pahlawan urang, contona ; perlawanan Teuku Umar, Teuku Cik
Ditiro di Aceh, Imam Bonjol di Minang, Pangeran Diponegoro di Jawa jeung
sajabana.
Memang ku urang sadaya perlu dihargaan kana
jasa-jasa jeung kawanianana dina usahana pikeun ngusir kaum penjajah di bumu
Indonesia. Tapi kusabab tacan aya sifat gigihna perlawanan aranjeuna kalawan
gampil kaum penjajah bisa numpesna.
Kakara dina taun 1908 timbul kasadaran bangsa
Indonesia, upama kaum penjajah anu sifatna licik henteu bisa dilawan ku
senjata, komo deui lamun dibandingkeun jeung kakuatan senjata bangsa Indonesia waktu
harita dibandingkeun jeung maranehna leuwih unggul tibatan persenjataan bangsa
urang. Maranehna kudu dilawan make jalan politik anu ngahiji, sangkan kakuatan
urang nu mimitina mah paburencay bisa ngahiji jadi hiji kakuatan anu tangguh,
hiji kakuatan nasional.
Tepatna dina tanggal 20 Mei 1908 anu dikokojoan ku
Dr. Wahidin Sudirohusodo, ngadeg hiji perkumpulan anu disebut Budi Utomo anu
saterasna nyebar jadi hiji wadah
kakuatan sarta nampung gagasan pamikiran rakyat dina perjuangannana pikeun
ngahontal kamerdekaan.
Ku ayana Budi Utomo eta, mangka timbul kasadaran
bangsa Indonesia, aranjeuna sadayana hudang pikeun nurutkeun jalan anu geus
ditempuh ku badan Pergerakan Budi Utomo. Saterusna ngadeg Sarikat Islam, Parkindo,
Parindra, jeung partai-partai anu sejena. Nu hakekatna organisasi-organisasi
eta kalayan tegas nolak sadaya penjajah sarta ngagaduhan tekad pikeun
ngamerdekakeun ngara katutbangsa Indonesia.
Ti harita kasadaran bangsa Indonesia jadi kagugah
sumangetna pikeun ngahiji jadi hiji kasadaran nasional, nu mana saterusna tekad
eta jadi leuwih nyata dina taun 1928 ku lahirna Sumpah Pemuda nu mangrupakeun
awal tina persatuan jeung kasatuan bangsa Indonesia, nu akhirna ngawujudkeun Proklamasi
Kamerdekaan RI 17-08-1945.
Jadi pagerakan Budi Utomo mangrupakeun panggugah
kasadaran berpolitik pikeun bangsa Indonesia. Kumargi kitu, sabage panghormatan
jeung panghargaan pamarentah ka organisasi eta dina tanggal 20 Mei nu mangrupakeun
tanggal kalahiran Badan Pergerakan Budi Utomo diabadikeun sabagi Hari
Kebangkitan Nasional.
Mangka kumargi kitu sawadina urang bangsa Indonesia
mieling poe ieu sabagi hari besar nasional sapertos nu ku urang dilaksanakeun
waktu ayeuna, sarta urang sadayana wajib ngucapkeun syukur ka hadirat Allah
SWT.
Akhirna ku ayana kasempetan ieu mangga urang
sami-sami manjatkeun do’a ka hadirat Allah SWT, kanggo pamimpin anu ngagaduhan
jiwa luhur sapertos halna Bapa Dr. Wahidin Sudirohusodo sabage bapa Kebangkitan
Nasional bangsa Indonesia, sarta arwah para pahlawan nu sejena nu parantos
mayunan urang sadayana, mudah-mudahan aranjeuna ditampi amal baktina
ditempatkeun dina tempat anu sampurna, Amin.
Wassalamu’alaikum Wr. Wb.







0 comments:
Post a Comment