Assalamualaikum wr. wb
Langkung tipayun sim kuring
asmana Bapak, Ibu guru Sekolah seja ngahaturkeun rewu nuhun laksa keti gerah kabingahan, bingah ka
giri-giri, bingah amarwata suta, bingah anu taya
hinggana, sanggem paripaos tea mah sim kuring teh asa mobok manggih gorowong,
asa ditonjok ku congcot, rehna dina danget ieu tiasa patepung lawung, paamprok
jonghok, patepang raray sareng para Ibu Bapak
sadaya dina raraga paturay tineung marurangkalih kelas VI ieu.
Para Ibu, Bapak sadaya, menggah pamaksadan sim kuring teu aya sanes
kajabina nyaeta seja nyukcruk galur di luluhur, mapay lacak anu baheula, tatali
paranti warisan ti nini aki. Nu mawi tebih diungsi, anggang di teang, sanes
lantung tambuh laku, sanes ketang tanpa beja, sim kuring seja malikan carita
anu tiheula nu kungsi dipake carita nyaeta rehna para Ibu Bapak nitipkeun,
nyerenkeun pala putra
putri Ibu Bapak sadayana ka ieu sakola, nyatana ka Bapak Ibu guru supados pala
putra putri Bapak sadayana dididik, diatik, dibina, dibimbing, dipaparinan
pelajaran anu dugi ka danget ieu 6 taun parantos kalangkung,
alhamdulillah parantos bade rengse, kalayan mung sakitu kamampuan sareng
katiasana, mung sakitu buktosna anu mudah-mudahan aya mangfaatna, khususna
kanggo marurangkalih sadayana, umumna mah kanggo keluargana, masyarakatna,
agamana, nagarana, nusa sareng bangsana.
Namung dina hal ieu sim kuring asmana Bapak Ibu guru neda sihampuntena
boh bilih dina salami ngadidik, ngatik, ngabimbing, ngabina pala putra putri
Ibu Bapak sadayana aya dina kakirangan sinareng kalepatanana, atuh boh bilih
aya anu kagitik ku pangatik, kahajar ku pangajar, pamugi ageung sihampuntena,
da sentak polototna bapak sinareng Ibu guru teh sanes keuheul atanapi ngewa
tapi bakat ku nyaah deudeuh kanu janten muridna. Kalayan alhamdulillah kiwari
parantos niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu utama, parantos anjog kana
waktos anu diantos-antos kana mangsa rengsena diajar di sakolah dasar kalayan
aya dina kalungsur langsar, aya dina kasuksesan, ku kituna sim kuring sabadana,
mengingat, menimbang sareng memutuskan yen pada putra putri Bapak ibu sadaya
dinyatakan LULUS 100 %.
Para Ibu Bapak sadayana kumargi kitu, sim kuring asmana Bapak Ibu guru
sadayana seja nyanggakeun sejak masrahkeun deui pala putra putri Ibu bapak
sadayana, ti luhurna sausap rambut, di handap sausap dampal, getihna satetes,
rambutna salambar, ambekanana sadami, kaireng katalingeuhan, bobodoran,
kalepatanana sinareng kakiranganana sumangga nyanggakeun.
Para Ibu Bapak sadaya kanggo salajengna ieu mah khusus kanggo
marurangkalih anu bade paturay tineung, tanbi lengoh kalempohan, tamba mulang
ngalongkewang, sasieureun, sabeunyeureun, sarebuk samerang nyamu, belah pecah
lalab rumbah, mugia janten barokah, ieu mah etang-etang tawis kanyaah,
kadeudeuh sinareng katineung ka marurangkalih sadayana.
Ujang, Nyai hidep anu kungsi diiring ku kawih asih, balabuhna dasar
katineung, gupay kelar enteupna geugeut kameumeut, anu disungging dina
permadani, asih nu diipuk na jajantung, mangkak dina taman katresna, kiwari
hidep parantos bade paturay, hidep bakal pisah, bakal pajah. Kumargi kiti Bapak
titip, Ujang Nyai mun seug hidep parantos mulang deui sareng lingkungan
kulawarga, masyarakat, nagara, nusa sareng bangsa, poma Ujang Nyai hidep sing
bisa ngajagi diri, ngaraksa salira, sing lantip budi, hade tata, hade basa
sing nyaah, deudeuh ka sasama, ka kadang warga, ka masyarakat ka Nusa, Bangsa
sareng Nagara.
Kumargi kita sim kuring asmana Bapak Ibu Guru sadaya seja neungteuk
ranggeuy, nilas manggaran mungkasna mangsa diajar di sakola dasar, supados
ngajirim eusi, subaya mibanda nyata, taya deui bahasa anu utama, iwal ti sisng
lantip budi, hade tata, hade basa sing tiasa ngajagi diri, ngajaga salira, sing
nyaah deudeuh ka salira, ka ibu rama, ka sasama, ka kadang warga, ka
masyarakat, Nusa, bangsa, nagara sareng agama.
Rupin kiwari parantos niti wanci nu mustari ninggang mangsa anu utama,
parantos anjog kana waktos anu diantos-antos, dinten ieu Rebo kaping 27 Juni
2007 hidep bakal pisah hidep bakal pajauh, pileuleuyan-pileuleuyan, sapu nyere
pegat simpay, pileuleuyan pileuleuyan paturay patepang deui. pileuleuyan
pileuleuyan anaking bral…. Bral geura miang.
Para Ibu para Bapak sadayana sim kuring asmana Bapak Ibu Guru kalayan
resmi mancen gawe ngemban tugas ti nagara sejak nyanggakeun pala putra putri
Ibu Bapak sadayana sakali deui sumangga nyanggakeun.
Kumargi kitu sim kuring neda ageung agung cukup lumur, neda jembar
hampurana, anu janten margi dina tata titina, dina tindak tandukna, oge dina
tata titina, bema tatakrama, oge dina basa basina mung sakadar dirarampa, sugan
kiti, meureun kieu, tangtos pisan upami teu ninggang kana wirahmana mah, seueur
silung sareng sumbangna, kalayan teu puguh entep seureuhna.
Rupina sakitu nu kapihatur hapunten sagala rupi kalepatan sareng
kakiranganana, beber layar poe anyar, lulus banglus ginuluran, tebih tina
marganing balai, anggang tina sagala gogoda disarengan luhur kuta gede dunya,
jatnika sapapaosna, bagja dunya rawuh akheratna.
Wassalamu’alaikum
wr.wb.







0 comments:
Post a Comment